Ma’asyiral Muslimin anu dimulyakeun ku Alloh, Kadua, golongan jalma-jalma anu teu ngahormat kana kaagungan bulan Romadhon, sumawona lamun nyumponan hak-hakna. Aranjeuna teu emut kana perentah Allah ku sabab hatena sombong tur tebih tina kaimanan. Aranjeuna teu daek ngalakonan puasa. Akibatna, Romadon tinggal Romadon, tapi dirina mingkin jauh ti pangeran. Tah golongan sarupi kieu teh sasuai sareng pidawuh Alloh dina Al-Qur’an:
إِنَّ الَّذِينَ كَذَّبُوا بِآيَاتِنَا وَاسْتَكْبَرُوا عَنْهَا لَا تُفَتَّحُ لَهُمْ أَبْوَابُ السَّمَاءِ وَلَا يَدْخُلُونَ الْجَنَّةَ حَتَّى يَلِجَ الْجَمَلُ فِي سَمِّ الْخِيَاطِ وَكَذَلِكَ نَجْزِي الْمُجْرِمِينَ
Hartosna, “Saenya-enyana jalma-jalma anu ngabohongkeun ayat-ayat Kaula jeung nyombongkeun diri kana eta ayat-ayat Kaula, moal dibukakeun panto-panto langit keur maranehna, nyakitu keneh maranehna moal asup ka surga, samemeh sato onta asup kana liang jarum. Kitu pisan Kaula mere balesan ka jalma-jalma anu jahat,” (QS Al-A’raf: 40).
Dina Tafsir Khawatirul Umam, Syekh Asy-Sya’rawi nguningakeun, jalma-jalma anu teu daek ngalaksanakeun parentah Alloh, ku sabab sombong jeung teu percaya kana ayat-ayat Alloh, maka maranehna bakal meunang siksaan anu kacida peurihna. Maranehna moal ngasaan ni’matna surga jeung kani’matannana. Nu aya justru maranehna diasupkeun kana siksa seuneu naraka. Naudzu billah Ma’asyiral Muslimin anu dimulyakeun ku Alloh, Tah eta dua golongan anu bisa dijadikan euntung ku urang dina raraga nitenan hasil ibadah jeung pepeling diri urang salami bulan Ramadhan. Kinten-kinten, urang kalebet golongan mana? Sabab, ukur urang nyalira anu tiasa ngukur sareng meunteun hasil ibadah urang. Lamun urang kalebet golongan anu kadua, maka meungpeung masih aya kasempetan, ti kawit ayeuna hayu urang sami-sami ngomean diri supaya kaluar tina Romadon ieu urang janten hamba anu takwa jeung caket kana ridona Alloh swt. اللهُ أَكْبَرُ ٣× وَللهِ الْحَمْد
Ma’asyiral Muslimin anu dimulyakeun ku Alloh, Sanaos urang teu acan maksimal ngalebetan sasih Romadon, nanging sahenteuna urang tos berusaha ngalaksanakeun sapalihna ibadah Romadon, bade nu fardhu atanapi nu sunahna. Ti kawit puasa, sholat fardhu, sholat sunat, taraweh, tadarus, i’tikaf, zakat, infaq, sodaqoh, sareng sajabina. Mudah-mudahan urang sadayana digolongkan ku Allah swt janten golongan anu kahiji, nyaeta golongan jalma-jalma anu bener-bener nyumponan hak-hak Ramadhan, sahingga tiasa ngengingkeun balesan anu istimewa ti Mantenna, kalayan dijauhkeun tina golongan nu kadua, nyaeta golongan jalma-jalma anu lalawora nyumponan hak Romadon ku sabab sombong jeung ngabohongkeun ayat-ayat-Na.
Sanajan kitu, bulan Romadon mangrupikeun madrasah kanggo urang sadayana ngomean diri. Lamun, dina bulan Romadon anu tos kalangkung urang gagal ngomean diri, maka Insyaalloh dina bulan-bulan salajengna urang masih aya kasempetan kanggo ngalaksanakeunnana. Salami urang gaduh tekad anu kiat kanggo diajar tobat sareng ngabakti kanu Maha Suci, Insya Alloh urang bakal kenging pitulung Mantenna. Sing emut, lebaran sanes keur jalmi anu gentos acuk weuteuh, tapi keur jalmi anu nambah katakwaan, sakumaha dawuhan Syekh Ibnu Rojab dalam Lathaiful Ma’arif:
لَيْسَ الْعِيْدُ لِمَنْ لَبِسَ الْجَدِيْدُ، إِنَّمَا الْعِيْدُ لِمَنْ طَاعَتُهُ تَزِيْدُ جَعَلَناَ الله ُوَإِياَّكُمْ مِنَ العاَئِدِيْنَ وَالفَآئِزِيْنَ وَأَدْخَلَناَ وَاِيَّاكُمْ فِيْ زُمْرَةِ عِباَدِهِ المُتَّقِيْنَ. بَارَكَ الله ُلِيْ وَلَكُمْ فِيْ القُرْآنِ العَظِيْمِ وَنَفَعَنيِ وَاِيّاَكُمْ بِمَافِيْهِ مِنَ الآيَاتِ وَالذِّكْرِ الحَكِيْمِ. وَتَقَبَّلَ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ اِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ. وَقُلْ رَبِّ اغْفِرْ وَارْحَمْ وَاَنْتَ خَيْرُ الرَّاحِمِيْنَ
Itulah teks khutbah Idul Fitri dalam bahasa Sunda.
Kontributor : Mutaya Saroh
Baca Juga: 45 Gambar Banner Ucapan Idul Fitri 2025 yang Keren, Bisa Diedit Gratis!