Khutbah Idul Fitri Bahasa Sunda yang Singkat Namun Paling Menyentuh Hati

Kamis, 27 Maret 2025 | 17:30 WIB
Khutbah Idul Fitri Bahasa Sunda yang Singkat Namun Paling Menyentuh Hati
Khutbah Idul Fitri Bahasa Sunda (freepik)
Follow Suara.com untuk mendapatkan informasi terkini. Klik WhatsApp Channel & Google News

Suara.com - Khutbah Idul Fitri bisa disampaikan dalam berbagai Bahasa, baik Bahasa Jawa, Indoneia, Arab, dan juga Bahasa Sunda sekalipun. Naskah khutbah Idul Fitri umumnya berisi nasehat atau cerita yang dapat memotivasi seseorang untuk tumbuh menjadi manusia yang lebih baik setiap harinya.

Adapun contoh khutbah Idul Fitri Bahasa Sunda di bawah ini berasal dari islam.nu.or.id. Khutbah Bahasa Sunda berjudul, "Khutbah Idul Fitri Bahasa Sunda: itenan Hasil Ibadah Urang di Bulan Romadon”.

اللهُ أَكْبَرُ (×٣) اللهُ أَكْبَرُ (×٣) اللهُ أَكْبَرُ (×٣) وَ لِلّٰهِ اْلحَمْدُ، اللهُ أَكْبَرُ كَبِيرًا وَالْحَمْدُ لِلّٰهِ كَثِيرًا وَسُبْحَانَ اللهِ بُكْرَةً وَأَصِيْلًا. لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ، صَدَقَ وَعْدَهُ، وَنَصَرَ عَبْدَهُ، وَهَزَمَ الْأَحْزَابَ وَحْدَهُ. لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ وَلَا نَعْبُدُ إِلَّا إِيَّاهُ مُخْلِصِيْنَ لَهُ الدِّيْنَ وَلَوْ كَرِهَ الْكَافِرُوْنَ

الْحَمْدُ لِلّٰهِ الَّذِيْ جَعَلَ شَهْرَ الصِّيَامِ غُزَّةَ وَجْهِ الْعَامِّ، وَأَجْزَلَ فِيْهِ الْفَضَائِلَ وَالْاِنْعَامَ، وَفَضَّلَ أَيَّامَهُ عَلَى سَائِرِ الْأَيَّامِ. وَالصَّلَاةُ وَالسَّلَامُ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ اَلْمَبْعُوْثِ عَلَى جَمِيْعِ الْأَنَامِ، وَعَلَى أَلِهِ وَأَصْحَابِهِ هُدَاةِ الْأَنَامِ وَمَصَابِيْحِ الظَّلَامِ. أَشْهَدُ أَنْ لَااِلَهَ اِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ اِلَهٌ تَفَرَّدَ بِالْكَمَالِ وَالتَّمَامِ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ أَفْضَلُ مَنْ صَلَّى وَصَامَ. اَللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلىَ أَلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْ شُبِّهُوْا بِالْأَنْجَامِ، فَمَنْ تَبِعَهُ فَقَدْ نَالَ سُبُلَ التَّامِّ أَمَّا بَعْدُ، فَيآ أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمْ اللهُ، أُوْصِيْكُمْ وَاِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ وَطَاعَتِهِ، بِامْتِثَالِ أَوَامِرِهِ وَاجْتِنَابِ نَوَاهِيْهِ. قَالَ اللهُ تَعَالَى فِيْ كِتَابِهِ الْكَرِيْمِ: يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللّٰهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلا تَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ. وَقَالَ أَيْضًا: وَلِتُكْمِلُوا الْعِدَّةَ وَلِتُكَبِّرُوا اللهَ عَلَى مَا هَدَاكُمْ وَلَعَلَّكُمْ تَشْكُرُونَ ،صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمَ

Jamaah shalat Idul Fitri anu dimulyakeun ku Allah Hamdan wa syukron lillah mangrupakeun kalimah pang sae-saena nu kedah diucapkeun ku urang sadayana kanggo nunjukkeun rasa kabungah jeung rasa syukur ka Alloh Robbun Gofur dina waktos ayeuna. Dzat anu Maha Welas Asih oge parantos maparin rupi-rupi ni’mat ka urang sadayana, kalebet ni’mat kasempetan kanggo ngalaksanakeun puasa Romadon kalayan mungkasna ku ngalaksanakeun netepan sunah Idul Fitri dina enjing ayeuna. Solawat kalih salam anu utama mugia tetep dikucurkeun ka panutan urang, ya’ne Kangjeng Nabi Muhammad anu mulya, nabi tos nyandak cahaya kaimanan kanggo urang sadayana. Solawat kalih salam oge mugia sing dipaparinkeun ka para sahabatna, kulawargina, dugika urang sadayana anu teu weleh-weleh miharep syafaatna. Ma’asyiral Muslimin anu dimulyakeun ku Alloh, Ngalangkungan minbar anu mulya ieu, khotib seja wasiat ka diri khotib nyalira, ka kulawargi, miwah ka jamaah sadayana, hayu urang sami-sami ningkatkeun katakwaan sareng kaimanan ka Alloh swt. Sabab, takwa mangrupakeun bekel anu pangsae-saena dina raraga mayunan kahirupan dunya kalih akheratna. Salajengna, khotib umajak ka sadayana hayu sami-sami nitenan kekengingan ibadah urang sadayana. Naha ibadah anu dilaksanakeun ku urang teh tos maksimal? tos pantes kenging rido Nu Maha Kawasa? tos mampu nganteurkeun diri urang ka katakwaan?

Dina raraga nitenan hasil ibadah urang anu neme pisan ku urang dilakokan, sakirang-kirangna aya dua golongan jalma anu tiasa ku urang diperhatoskeun. Kahiji, golongan jalma-jalma anu apal jeung nyumponan kana hak-hakna Romadon sakumaha anu tos ditangtoskeun ku Alloh. Golongan anu kahiji ieu, beurangna ngalaksanakeun puasa, bari buka ku katuangan-katuangan anu halal kalayan teu kaleuleuwihan, teras peutingna ngalaksanakeun qiyamul lail atanapi ibadah peuting nu sanesna. Salian ti eta, shalat fardhuna oge teu kakantun dilaksanakeun kalayan berjamaah, sholat sunatna nyakitu keneh, bari jeung satiap parkara nu dilarang ku Alloh ku aranjeuna dijauhan. Aranjeuna soson-soson dina ngeusian bulan Romadon sabab hoyong pisan janten hamba anu iman tur takwa, bari kenging panghampura sareng rido Alloh swt. Golongan ieu Insyaalloh kalebet golongan anu untung sareng istimewa di payuneun Alloh swt sahingga pantes ngengingkeun balesan sareng pahala anu sae ti Mantenna. Tah dina poe lebaran ieu teh aranjeunna mah panen ganjaran sareng panghampura kalayan di akherat layak ngengingkeun balesan anu langkung ageung deui. Kacape jeung kapeurih dina ngajalankeun ibadah baris dibales ku Alloh jaga ku balesan anu berlipat-lipat ganda, sakumaha anu parantos dijangjikeun ku Mantenna dina Al-Quran:

وَإِنَّمَا تُوَفَّوْنَ أُجُورَكُمْ يَوْمَ الْقِيَامَةِ فَمَنْ زُحْزِحَ عَنِ النَّارِ وَأُدْخِلَ الْجَنَّةَ فَقَدْ فَازَ

Hartosna, “Jeung hungkul dina poe Kiamah bakal dibikeun kalayan sampurna balesan aranjeun. Sing saha wae dijauhkeun tina siksa naraka jeung diasupkeun ka surga maka manehna temen-temen geus kenging kauntungan,” (QS. Ali Imran [3]: 185).

Imam Fakhruddin Ar-Razi dina Tafsir Mafatihul Ghaib parantos nguningakeun, yen ari puncak balesan ibadah anu dilakukeun ku jalma-jalma anu ariman teh nyaeta di akherat. Aranjeuna bakal kenging balesan anu kacida istimewa ti Alloh ku sabab kasuksesannana salami di alam dunia. Balesan eta teh mangrupakeun balesan surga anu pinuh ku kani’matan di jerona. Aranjeuna bakal ngengingkeun kabagjaan anu teu aya wates wangenna, bagja sabab pinuh ku kabungahan jeung kesenangan. Tah sadayana ni’mat eta teh bakal dipasihkeun ka golongan kahiji, nyaeta golongan jalma-jalma anu nyumponan hak-hak Romadon ku cara beurangna ngalakonan puasa, magribna buka ku katuangan anu halal bari jeung teu kaleuleuwihan, peutingna aranjeuna ibadah nyaketkeun diri ka Alloh swt. Bari teu hilap aranjeuna ninggalkeun satiap perkara anu dilarang ku Alloh.

Baca Juga: 45 Gambar Banner Ucapan Idul Fitri 2025 yang Keren, Bisa Diedit Gratis!

اللهُ أَكْبَرُ ٣×، لاَ إِلهَ إِلاَّ اللهُ، وَاللهُ أَكْبَرُ، اللهُ أَكْبَرُ وَللهِ الْحَمْدُ

BERITA TERKAIT

REKOMENDASI

TERKINI